Cihampelas Kelurahan Cipaganti Kec.Coblong
Kota Bandung
Ti RT.01 Neupi ka RT.10 RW.04
Ti wanci harita ..
Lalampahan warga tumaninah sarengsena aya program pamarentah nyaeta PNPM
salasahijina masang pavingblock kanggo jalan-jalan umum pangliwatan nu aya di sabuderan di RW 04
nya karasana ku kuring oge ngareunah jalan teh nu biasa seuer nu barolong jeung cai leuncang nyangkrung rujit katingalina
... 

Saban poe warga anu nyalse babareungan turun ka jalan migawe ngabongkar jalan, saminggu lilana ngabongkar jalan anu kurang leuwih panjangna 200 Meter ti RT.01 nepi RT.04.Sarengsena ngabongkar jalan di teraskeun kanu pamasanagan pavingblock sareng pamasangan aspal ...
nya teu gampang migawe pagawean etateh salain tanaga butuh kasabaran jeung kauletan kulantaran saeutik nyengsol eta paving mawa goreng dampakna pikeun pangguna jalan.